Contoh Pidato Dalam Bahasa Sunda


Contoh Pidato Dalam Bahasa Sunda

contoh pidato bahasa Sunda​

1. contoh pidato bahasa Sunda​


Jawaban:

Salam pamuka (salam pembuka)Mukadimah (pendahuluan atau kata pengantar)Ngahaturkan pangwilujeung kanu hadir (menyampaikan ucapan terima kasih kepada yang datang)Eusi biantara (isi pidato)Sanduk-sanduk menta dihampura jeung maca doa (memohon maaf dan membaca doa 6.penutup Salam panutup

Contoh Biantara tentang Pendidikan

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadayaanu dipikacinta ku sim kuring. Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan "Wajib Belajar Pendidikan Dasar ".

Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan kukayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu.


2. Contoh Pidato Bahasa Sunda?​


Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhammadar rasulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep (6).

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

Assalamulaikum Wr.Wb

Ibu Guru Nu Dipihormat Sareng Sadaya Rerencengan,Siswa Kelas1V Nu Di Pikacinta

Langkung Ti Payun Mangga Urang Sanggakeun Puji Sareng Sukur Ka Allah SWT Nu Parantos Maparin Waktos Ka Urang Sadayana Dugi Ka Tiasa Patepang Raray Dinela Ieu Acara.Alhamdulilah Urang Tiasa Kempel Di Ieu Tempat Dina Kaayan Sehat Wal Afiat.

Para Wargi Anu Ku Simkuring Dipihormat.Dina Ieu Waktos,Abdi Bade Ngadugikeun Kumaha PentingNa Hirup Sehat Kanggo Urang Sadayana.Urang Sadaya Kedah Atawa Wajib NgaJaga Lingkungan Sareng Awak Sorangan Sangkan Dijauhkeun Tina Segala Penyakit.Ku Margi Kitu,Urang Kedah NgalaksanaKeun Hirup Sadidinten Ku Cara Anu Sehat.Meresihan Awak Atawa Ibak ,Meresihkan Kuku,Nyikat Waos Anu Rutin ,Eta Conto Hirup Anu Sehat,Contoh Sanesna,Miceun Runtah Kana TempatNa,Nyiduh Ulah Di Mana Wae,Batuk Atawa beresin Kudu Nutupan Baham

Semoga Membantu


3. contoh pidato bahasa sunda!


Assalamualaikum Wr. Wb Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas X nu dipikacinta.
 Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.
Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.   Para wargi anu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu waktos, abdi bade medar kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.
Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna ti kawit ayeuna pisan.
Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih tina eta sadaya teh nu didadasaran tina bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.   Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
 Hatur Nuhun Kana Perhatosanana   Wassalamualaikum wr.wb  


:) begitu kah kak :) Kalo salah maaf :)

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh!

(Pilih Muqaddimah yang anda sukai)

Bapak-bapak, Ibu-ibu kalih tamu undangan sadayana nu ku pribados dipika hormat.
Shalawat kalih salam mudah-mudahan kalimpahkeun ka junjungan urang sadaya nyatea Kanjeng Nabi Muhammad saw, kusabab anjeuna nu tos memperjuangkeun Islam di alam dunya ieu. Nu hasilna urang sadaya janten tiasa ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.

Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Unggal jalmi tos tangtu ngadambakeun kabagjaan dunya akherat. Tah, jalan kabagjaan eta teu bisa dijalani kucara nu santai, pinuh ku hura-hura, sareng sadaya hal nu ngalanggar syariat Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT, boh nu katulis dina kitab suci Al-qur'an atawa nu aya dina sunnah Nabi.

Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Ngalakukeun ibadah nu di mimitian ku hate nu ikhlas, janten hakekatna nyaeta ngalakukeun sagala ka alusan nu teu hayang di tempo, komodeui dipamerkeun ka batur. Hayu urang babareungan ngajauhkeun diri tina kalakuan riya, kusabab kalakukan eta tiasa ngahancurkeun amal-amalan urang nu dina akhirna janten teu aya hartina. Dina hal ieu kanjeung Nabi saw, bersabda:

Opat macam tanda bukti jalmi-jalmi nu riya, nyaeta:
1. Males pami nuju nyalira
2. Rajin pami dipayunen batur
3. Ibadahna getol upami dipuji
4. Ibadahna turun upami dicela ku batur

Kusabab kitu, kanggo jalmi-jalmi nu beriman tos sakedahna terang ka opat macam sifat tadi tiasa ngahancurkan manusa nyaeta siksa naraka.

Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Sadaya bentuk amal ibadah pami aya rasa riya', maka hasilnya nol besar/sia-sia. Kusabab kitu, hayu urang babarengan introspeksi kana diri urang masih-masing. Akhiirul kalaami, wabil laahit taufiiqi wal hidaayati war ridlaa wal-inaayati wassalamu'alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh.

4. contoh pidato bahasa sunda lemes


Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana. Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempeldi ieu tempat dina kaayaan sehatwal afiat.Para wargi anu dipihormat. Dina ieu waktos, sim kuring bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah, kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalmanu iman, urang tangtuna moal ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadaya kedah ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, etaconto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugikersa ngahapunten.Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

5. contoh pidato bahasa sunda tentang pendidikan


Assalamualaikum Wr.Wb. Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan seni budaya. Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda. Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule kandaga Budaya Sunda”. Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia. Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress…, hebat euy. Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda. Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang. Urang Jepang bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong hariwang kang Darso ge bisa hirup senang. Wassalamualaikum Wr.Wb.

6. berikan contoh pidato bahasa sunda


Contoh Biantara basa sunda " Kabersihan Sakola "

Assàlamu’alaikum Wr.Wb
Bismillàhirohmaanirrohin

Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring dimulyàkeun.

Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.

Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos ngalaksanàkeun tina sabagian imàn. lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan.

Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola. Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.
Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah
wassalàmmualaikum Wr. Wb


7. contoh pidato bahasa sunda tentang perpisahan?


Jawaban:

Biasanya isi dari pidato perpisahan kelas 6 adalah tentang ucapan terima kasih dari murid kelas 6 yang akan meninggalkan sekolahnya. Hal penting yang perlu diperhatikan dalam pidato perpisahan bahasa Sunda adalah ragam bahasa yang digunakan. Dalam bahasa Sunda ada dua ragam bahasa yaitu yang disebut ragam basa hormat / lemes (halus) dan ragam basa loma (akrab atau kasar).

Pembahasan

Ragam basa hormat adalah ragam bahasa Sunda yang biasa digunakan untuk berbicara dengan orang yang lebih tua atau orang yang dihormat. Sedangkan ragam basa loma adalah ragam bahasa Sunda yang biasa diguakan untuk berbicara dengan teman sebaya atau yang lebih muda. Di bawah ini contoh pidato perpisahan kelas 6 dengan menggunakan bahasa Sunda yang dibawakan oleh wakil dari kelas 6 dengan menggunakan ragam basa hormat:

Assalamualaikum wr. Wb

Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat. Rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta. Mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina waktos ieu urang sadaya tiasa kempel dina kaayaan sehat wal’afiat. Oge shalawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.

Bapa / ibu guru anu ku simkuring dipikahormat sareng rerencangan anu ku simkuring dipikacinta, simkuring nyuhunkeun waktosna wirehna dina waktos ieu simkuring ngawakilan rerencangan kanggo ngadugikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.

Urang henteu karaos parantos genep taun sakola didieu. Urang henteu karaos wirehna ayeuna teh minangki puncak waktos urang sadaya kelas genep bakal papisah ti sakola ieu. Dina waktos anu sae ieu, henteu hilaf simkuring ngawakilan rerencangan sadayana ngahaturkeun rewu nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngaping simkuring sadayana salami genep taun.

Mugi-mugi sagalarupi anu parantos diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa mangpaat boh kanggo urang sadayana boh kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi sadaya amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin YRA.

Rupina dicekapkeun sakitu ti simkuring anu ngawakilan rerencangan sadayana. Kirang langkungna sareng bilih aya cariosan anu kirang merenah simkuring nyuhunkeun dihapunten.

Penjelasan:

jangan teman aku karena aku keren tanpa huruf n


8. Contoh pidato bahasa sunda singkat


Jawaban:

SUNDA TENTANG KESEHATAN

Pidato Bahasa Sunda

Pidato Bahasa Sunda

Assalamualaikum Wr.Wb

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Waalaikum salam Wr.Wb.


9. contoh pidato bahasa Sunda tentang diajar


contoh pembuka

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.


10. Contoh pidato bahasa sunda tentang ibu


Urang salaku umat muslim, diwajibkeun hormat kanu janten ibu sareng rama. Margi aya paribasa ibu nu ngandung bapa nu ngayuga, nu hartosna salami salapan sasih ibu ngandung urang dugi ka gubrag ka alam dunya, kumargi kitu urang wajib pisan ngahormat kanu jadi ibu. Tuhu kana piwaranganana, mikanyaah, sareng mikacinta ka anjeuna. Kitu deui kanu janten bapa urang kedah ngahormat, tur mikanyaah, margi bapa teh anu ngayuga jeung ngajaga.

Ibu rama urang sama sakali teu ngarepkeun balas jasa pedah tos ngurus, nyakolakeun, sareng sagala ka peryogian urang. Ku margi kitu urang wajib marhatoskeun kanu jadi indung jeung bapa ku babantu di bumi, saperti sasapu, ngepel, keur ngaringankeun padamelan jadi ibu. Tiap tos netepan teu hilap ngadoakeun kanu jadi sepuh sing sarehat, dibabarikeun milik sareng rejekina. Pamugi Gusti Allah tiasa ngabales kana sagala kasaean ibu rama abdi.


Mung sakitu nu kapihatur hapunteun bilih aya kecap anu teu merenah komo deui basa nu teu kahartos sim kuring nyungkeun dihapunteun.

Wassalammualaikum wr.wb


11. contoh pidato bahasa sunda?


Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

12. contoh teks pidato dengan bahasa sunda


nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang
sanggakeun puji sareng sukur ka
Allah SWT nu parantos maparin
waktos ka urang sadayana dugi ka
tiasa patepang raray dina ieu acara.
Alhamdulillah urang tiasa kempel di
ieu tempat dina kaayaan sehat wal
afiat.
Para wargi anu ku simkuring
dipihormat. Dina ieu waktos, abdi
bade ngadugikeun kumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Urang sadaya kedah
atawa wajib ngajaga lingkungan
sareng awak sorangan sangkan
dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah
ngalaksanakeun hirup sadidinten ku
cara anu sehat. Meresihan awak
atawa ibak, meresihan kuku, nyikat
waos anu rutin, eta conto hirup anu
sehat. Conto sanesna, miceun
runtah kana tempatna, nyiduh ulah
di mana wae, batuk atawa beresin
kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajaga
kaberesihan awak urang bakal
beresih atanapi suci tina sagala
kokotor. Bersih teh hartosna bersih-
sucina diri urang sareng lingkungan
di sabudeureun urang. Urang kedah
mikacinta kana kabersihan sangkan
hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu
kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih
aya basa anu kirang entep
saeureuhna atanapi kecap anu
kirang merenanah larapna, mugi
kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wbassalamualaikum . wr. wb .
bapak , ibu , anu ku simkuring dipih0rmat . langkung ti payun urang sanggakeun puji sareng syukur ka allah swt. anu mana t0s masihan kasehatan ka urang sadayana dugi ka ayeuna tiasa patepang raray dina wakt0s ieu..
abdi salaku warga masyarakat bd ngadugikeun ka sadayana bapak , ibu , urang kedah ngajaga kasehatan jasmani sareng r0hani . urang kedah ngahindarkeun sagala rupi panyakit anu matak nyerang dina awak urang ...
anu sanesna ku urang kedah di lakukeun teh , sanes ngajaga kasehatan wae, urang kedah ngajaga lingkungan .. anu seperti : miceun runtah kana tempatna, ngaberesihan s0l0kan anu seueur sampahan, jeung anu sanesna.
abdi peupeujeuh ka sadayana warga masyarakat , jaga kaberesihan awak sarta lingkungan.
sakitu nu kapihatur, hapunteun bilih aya kalepatan tina kata, jeung nu sanesna..
" wassalamualaikum . wr. wb.

13. contoh pidato bahasa sunda dan terjemahan


Biantara basa Sunda:

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Para wargi sim kuring sadayana anu ku sim kuring dipikahormat.

Dina biantara anu singget ieu sim kuring seja ngajengkeun hiji jejer anu kacida ageung mangpaatna kanggo urang sadaya. Jejerna nyaeta milampah kahadean keur diri pribadi jeung ka batur.

Wargi sadaya, urang salaku warga negara Indonesia, seuweu siwi bangsa Indonesia umumna, sareng seler Sunda, urang ngagaduhan pedoman hirup anu kacida ageungna. Milampah kasaean kanggo urang pribadi nya hartosna urang milampah sagala rupi kasaean anu mangpaatna kanggo urang sewang-sewangan. Atuh salajengna naon anu dimaksad midamel kasaean kanggo batur? Teu aya sanes nyaeta midamel kasaean anu mangpaatna kanggo jalmi-jalmi anu aya di sabudeureun urang sadayana.

Wargi sadaya, ku milampah kasaean eta, urang bakal tiasa hirup kumbuh babarengan sareng papada jalmi, layeut jeung akur dina raraga ngahirupkeun lingkungan anu pinuh ku kasaean.

Sakitu anu kapihatur, hapunten dina samudaya kalepatan.

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Pembahasan

Terjemahan teks biantara (pidato) bahasa Sunda di atas adalah:

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Saudara-saudara yang saya hormati.

Dalam pidato yang singkat ini saya akan mengajukan sebuah tema yang sangat penting bagi kehidupan kita. Tema tersebut adalah melakukan kebaikan bagi diri sendiri dan orang lain.

Saudara sekalian, kita sebagai warga negara Indonesia, dan orang Sunda, mempunyai pedoman hidup yang sangat besar dan mulia. Melakukan kebaikan bagi diri pribadi artinya melakukan kebaikan yang bermanfaat bagi diri sendiri. Sedangkan melakukan kebaikan bagi orang lain berarti melakukan kebaikan yang manfaatnya terasa oleh orang lain yang ada di sekitar kita.

Saudara sekalian, dengan melakukan kebaikan itu, kita akan bisa hidup bersama, rukun dengan orang-orang yang ada di lingkungan kita, dalam rangka menghidupkan lingkungan yang penuh dengan kebaikan.

Demikian dari saya, mohon maaf bila ada kekeliruan.

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.  

Pelajari lebih lanjutMateri tentang biantara basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/6650676Materi tentang contoh biantara basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/7246914Materi tentang unsur biantara basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/1003134Detail Jawaban

Kelas: -

Mapel: Bahasa Lain

Bab: -

Kode: -

#AyoBelajar#SPJ2


14. contoh pidato bahasa sunda tentang perempuan


Assalamualaikum wr wb


Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.


Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun...

Inna dhofatu minal iman

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”


Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.


Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.


Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.


Wassalammu’alaikum Wr. Wb.


15. contoh pidato dengan menggunakan bahasa sunda


Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu dipihormat. Dina ieu waktos, sim kuring bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah, kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalma nu iman, urang tangtuna moal ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadaya kedah ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Assalamualaikum.wr.wb
 
         Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarnaKacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagalaBisa katipu tina iklan – iklan di internetTapi aya oge segi positifna :Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeunBisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsbRumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.

Wassalamualaikum wr.wb

16. contoh pidato bahasa sunda tentang pendidikan


Assalamu ‘alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh

 

Langkung ti payun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat ilahi rabbi. Sapertos kauninga ku urang sadayana, lantaran hidayah sareng inayah-Na, urang tiasa kempel dina ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

 

Para hadirin anu ku sim kuring dipihormat. Dina kasempetan ieu, sim kuring bade nguningakeun pentingna urang sadayana ngajalankeun hirup sehat dina kahirupan sadidinten. Intina, urang sadaya kedah atanapi wajib ngajaga lingkungan sareng jasmani urang supados urang sadayana kajaga tina sanes kanten panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo dikawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits Rasulullah diterangkeun, “Inna dhafatu minal iman.” nu hartosna kirang langkung: “Kabersihan teh sabagian tina Iman.”

 

Tina hadits eta, urang tangtos tiasa ngahartoskeun maksad sareng tujuanna, nyaeta urang teh salaku umat Muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate kedah bersih atanapi suci tina sagala kokotor, boh hadas alit atanapi hadas ageung nu nyababkeun urang teu suci. Bersih hartosna bersih sareng sucina jasmani sareng hate urang, oge bersih sareng sehatna lingkungan kahirupan urang. Kabersihan sakola oge kedah dijaga. Urang kedah micinta kabersihan sangkan hate urang oge bersih.

Kabersihan teh aya mangrupi-rupi jinisna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kedah janten jalmi anu kalebet di antawis jalmi-jalmi anu bersih sadayana. Allahumma, amin...

 

Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kamaslahatan urang sadayana, sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

 

Para wargi anu dimulyakeun ku Gusti. Cekap sakitu sim kuring nyanggakeun pihatur. Pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi-mugi para wargi sadayana kersa ngahapunten.

 

Wassalammu ’alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh


17. contoh tema pidato bahasa sunda


ngamumule bahasa sunda

18. Contoh pidato tentang sekolah dalam bahasa sunda?


Pidato bahasa sunda dengan tema perpisahan sekolah

Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT. Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb



19. contoh penutup pidato bahasa sunda


Dalam bahasa Sunda, pidato dikenal dengan sebutan biantara. Biantara atau pidato adalah berbicara di depan orang banyak dengan naskah pidato yang disusun secara baik dan terencana. Jika dilihat dari suasananya, ada dua jenis biantara, yaitu biantara resmi dan biantara tidak resmi.

Dalam bahasa Sunda ada dua ragam bahasa, yaitu bahasa halus dan bahasa kasar. Secara resmi, ragam bahasa halus disebut Ragam Basa Hormat / Lemes (halus) dan ragam basa kasar disebut Ragam Basa Loma (akrab/kasar). Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakan untuk berbicara dengan orang yang lebih atau orang yang dihormat. Sedengkan Ragam Basa Loma biasa digunakan untuk berbicara dengan orang yang lebih muda atau orang yang sudah dikenal baik/akrab.

Jika melihat jawaban yang sudah ada tentang contoh penutup pidato bahasa Sunda, contoh tersebut sudah dapat dimengerti dengan baik, tetapi jika dilihat dari ragam bahasa Sunda yang digunakan, contoh tersebut masih dapat diperbaiki. Sebaiknya penggunaan ragam bahasa dilakukan secara konsisten, tidak dicampur-adukkan.

Pada contoh tersebut digunakan ragam bahasa Sunda halus dan bahasa Sunda kasar, sebaiknya hanya digunakan ragam bahasa Sunda yang halus saja. Di bawah ini adalah usulan untuk contoh penutup pidato bahasa Sunda yang sudah ada tersebut:

Rupina sakitu nu tiasa kapihatur ku sim kuring, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah kana manah, rupina eta sadaya kalepatan teh ti sim kuring sareng sadaya kasaean sumpingna ti gusti Allah SWT.

20. contoh pidato tentang covid19 bahasa sunda


Jawaban:

awak urng minang kak g bisa bhsa Sunda

Jawaban:

kami tea nya sien kami teh ka covit19 nya pake masker na ulah ngumpul ai ngumpul ke kena haju ujung na mah ka dokter


Video Terkait


Posting Komentar

0 Komentar